Kamis, 22 April 2010

DARMA MANUSA

(G.S.K)

Memeh mulang ka tempatna
Kudu kapanggih ku urang kamana balik
Ulah nepi jaga mulang urang linglung
Heunteu apal pamulangan
Sabab di dunya teu eling

Darma urang nya manusa
Kudu ta'at sadaya parentah Gusti
Bisi ke jaga kaduhung ditungtung
Hanjakal tara ti heula
Balitungan eta pasti

Laku lampahna manusa
Memeh ngalakonan laku kudu wanakir
Ulah tuluy ngawula ka nafsu
Kudu rasa jeung rumasa
Ngaji rasa ngaji diri



Pupuh mijil

HIRUP KURUNG

(Galih. S.K)

Hirup kurung nyatana ku "kuring"
Kade ulah poho
Kudu panceg nyaksi ALLAH bae
Sabab jalma nu eling ka "kuring"
Tangtu bakal mukti
Mulus tur rahayu



LAKU BEUNTEUR

Laku beunteur tong ditiru
Teu kaop ningali cacing
Gerewek gancang di hakan
Teu sidik heula dipikir
Singhoreng aya useupan
Tungtungna mayunan pati

Ulah kagugu ku napsu
Kudu loba anjang pikir
Bisi jaga ke hanjakal
Manusa keuna ku lali
Sadaya aya matakna
Kudu waspada ningali

3 komentar:

  1. Leres pisan eta teh kang pupuh2 nu aya di luhur kantenan urang janteun jalmi tong hilap timana urang asal pasti angkat deui na ka sal sanes kitu kang,tah ku kitu na urang kedah seueur eling,di dunya urang teu lami hatur nuhun pisan kang ka tampi ku pribados,hatur nuhun.. (Nie)

    BalasHapus
  2. muhun nyi.. mugi janten ewmutan dina pikir , pademen dina manah.. amiiiin..

    BalasHapus
  3. Harrah's Cherokee Casino Resort - Mapyro
    Harrah's 익산 출장마사지 Cherokee Casino Resort is located in 안양 출장마사지 Cherokee, North Carolina and baoji titanium is part 충청북도 출장마사지 of the Great Smoky 경상남도 출장안마 Mountains of Western North Carolina. Harrah's

    BalasHapus